Monday 4 March 2013


Pagawé Malaysia kurang némbongkeun prestasi dina digawé, cenah para ahli, anu ditulis dina koran Malaysia 'The Star' poé ieu (27Peb2013)
Cenah, umumna maranéhanana méakkeun sawareh waktuna pikeun hal-hal anu henteu patali jeung pakasabanana.




Balukarna rerencangan di kantor anu pituin malaysia ambek. Cenah, maranéhanana lain kedul, tapi sabenerna budaya gawé ayeuna, anu dipikawanoh jaman cyberspace, béda kalayan jaman tiheula.



Sakuduna pihak majikan/boss/syarikat/kumpeni kudu kreatif, nyieun lingkungan gawé anu kondusif jeung ngamangpaatkeun fasilitas canggih anu aya di jaman kiwari.
Sabenerna kuring pribados kudu ngaca ti panalungtikan "The Star" éta. Yén babaturan pagawé Indonésia ogé miboga kultur anu sarua.

Ti 8 jam gawé meureun ngan 4 jam waé efektif digawé. Dua jam deui dibéakkeun pikeun 'social networking' via henpon atawa leptop, browsing anu henteu penting (siga ayeuna sim kuring ieu nyieun blog hahaha...), indit dahar beurang nepi ka liwat ti wayah anu sakuduna, reureuh ngudud sababaraha-kali dina sapoé, reureuh 'ngopi atawa ngeteh' bari wawangkong liillaaa pisan.





  Aya batur ti nagara séjén tétéla leuwih santun. Maranéhanana ngomongkeun hal anu sipatna urusan pribadi di jero ruang rapat. Kungsi sakali wayah kuring diondang ka tempat meeting, cenah aya anu kudu dibadamikeun.
Nyaa geuningan.... tétéla maranéhanana keur muka peta Jawa-bali. Maranéhanana ménta bongbolongan kuring pikeun rencana pelesir kulawarga maranéhanana ka Indonésia...!

Note : versi bahasa indonesia ada di sini:
Klik Kompasiana






0 comments:

Post a Comment